Rabu, 09 Februari 2011

Khutbah bahasa sunda judu syukur binni'mat

بسم الله الرحمن الرحيم
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
اَلْحَمْدُ للهٍ الذى نَزَّلَ اْلفُرْقَانَ عَلَى عِبَادِهِ لِيَكُوْنَ لِلْعَالَِميْنَ نَذِيْرًا. أَشْهَدُ أَنْ لآ اِلهَ الله وَحْدَهُ لآشَرِيْكَ لَهُ الذِى خَلَقَ اْلِأنْسَانَ فىِ أَحْسَنِ تَقْوِيمْ. وأَشهد أن محمدا عبدُه ورسولُه اْلهَادِى الى صِرَاطٍ مُسْتَقِيْمٍ مَنْ سَلَكَهُ فَازَ بِالعِزِّ وَالنَّعِيْمِ اْلمُقِيْمِ ومن حَادَ عَنْهُ رُمِىَ بِهِ فِى اْلجَحِيْمِ. والصلاةُ والسلامُ على سيِّدِ اْلخَلْقِ مُحمدِابْنِ عَبْدِاللهِ وعلى أله وأصحابه الذين جَاهَدُوْا فى اللهِ حَقَّ جِهَادِهِ فَكَانُوْا أَحِقَّاءَ بِالنَّعِيْمِ اْلمُقِيْمِ. أمابعد:
puji anu jadi mimiti laksana kembang jati anu mangkrak dina ati,kersaning gusti anu maha suci..........puja anu jadi pangbubuka carita ibarat kembang kamboja anu mangkrak dina dada,kawasaning gusti anu maha kawasa...........syukur anu jadi bahan catur lir ibarat buah anggur anu jadi panglipur,kersaning gusti anu maha ghopur.....
sholawat salam mugia ditetepkeun ka panutan alam junjunan ummat isla,habibana wanabiyyana muhammad saw.
hadirin rohimakumulloh.......
lamun urang sadar tina kasampurnaan diri anu parantos dipaparinkeun kunu maha suci,tangtuna urang bakal loba naliti,,iraha mimiti ayana diri?...timana asalna diri?...jeung kamana balikna diri?...oge saha anu ngayakeun diri?....
lamun pemikiran urang geus tepi ka palihan dinya,saeutik-saeutik urang bakal bisa mensyukuri mangrupa-rupa ni'mat anu dipaparinkeun ku gusti.
conto nu aya dina diri :......
"urang dipaparin cepil ku alloh kumplit jeung bisa ngupingna,coba lamun ngan saukur rebing wungkul tapi teu bisa ngadenge,kapan mubadzir,disebut asesoris da lain,,kumargi sakitu,urang nu sakiyeu sampurnana kudu bisa syukuran nana,,kumaha carana?....enteng kacida,carana manfaatkeun eta ceuli jeng pangdengena dina jalan anu dipikaridho ku alloh"misalna : dipake ngupingkeun ayat-ayat alloh,ngupingkeun pangajian jeung sabangsana..
Naon margina?...margi lamun urang teu bisa syukuran kana eta ni'mat eusina urang geus kupuran kana eta ni'mat,alhasil lamun urang kupuran kana ni'mat alloh mak saur alloh dagoan siksa ti kami anu kacida bangetna...
Dauhan Alloh dina Al-qur'an :
"LAIN SYAKARTUM LA AZIDANNAKUM WALAIN KAFARTUM INNA ADZABII LASYADID"
Hartosna:lamun aranjeun syukuran kana ni'mat kami maka kami rek nambahan kana eta ni'mat,,tapi sabalikna lamun aranjeun teu syukuran kana ni'mat kami,maka dagoan siksa kami anu banget.
Hadirin rohimakumulloh,,,,,
Kumargi kitu,hayu urang sasarengan di ajar syukuran supaya urang sadayana dipaparin kaberkahan dina ngajalani ieu kahirupan,,,amiin ya robbal alamin.
Tikawit dugi ka akhir hapunten anu kasuhun
Akhirul-kalam ASSALAMU'ALAIKUM WR,WB

Tidak ada komentar:

Posting Komentar